Leuwi Cikelet 4
Leuwi Cikelét anu sasarina cangkeum tiiseun, dua poé satutasna Lebaran mah dadak sakala haneuteun nakeranan. Jalma sakampung sasatna tumplek ka leuwi. Di tengah walungan anu teu kakeueum ku cai ngajugrug balandongan geus meunang ngahias. Korsi wéh ngadérés ditiungan ku terpal. Di sisi walungan ngajajar bebegig meunang “ngadangdanan”. Kitu gambaran anu mimiti katénjo, basa ngadongdon Féstival Cipasarangan di Kampung Cikelét, Désa Cikelét, Kacamatan Cikelét, Garut kidul.
Cék
Iip Sarip, ketua panitia sakaligus anu boga pokal éta acara, geus aya kana lima
kalina cénah ngayakeun raraméan di tengah walungan téh. Ari waktuna matuh
sanggeus lebaran. “Milih dintenan bada lebaran téh étang-étang silaturahmi wé.
Da apan anu ngalumbara di kota ogé marulih heula ka kampung. Ongkoh deuih
alhamdulillahna téh lima kali lebaran ninggang di usum halodo waé, mangsana
walungan nuju saat. Janten sapusan-sapisan,” pokna Iip.
Melak Burayak
Cipasarangan téh saenyana ngaran
walungan anu ngamuhara ka basisir Gunung Geder. Teu pati jauh ti basisir
Santolo mah. Bubuhan perenahna ngajajar. Lamun urang asupna ti Pameungpeuk,
mimiti bakal tepung jeung basisir Sayang Heulang, anu kaasup Kacamatan
Pameungpeuk. Ngulon deui saeutik, aya basisir Santolo, anu sok disebut ogé
basisir Cilauteureun. Ieu mah geus kaasup Kacamatan Cikelét. Ti dinya néma wéh
ka basisir Gunung Geder. Saupama tuluy ka kulon deui, brasna téh ka basisir Rancabuaya,
anu kaasup wewengkon Kacamatan Bungbulang.
Ari
huluwotan Cipasarangan téh ayana di Gunung Kasur, anu masih kénéh kaasup
Kabupatén Garut. Kaitung jauh ti Cikelét mah, aya kana puluhna kilométer. Di
wewengkon Kacamatan Cikelét, leuwi di sapanjang walungan Cipasarangan téh
jumlahna kurang leuwih aya dalapan. (Leuwi téh nyaéta bagéan walungan anu caina
ngajumbleng, nandakeun jero.) Tah, basa mimiti mah Féstival Cipasarangan téh
digelarna di leuwi Peti, tonggoheun leuwi Cikelét. Anu ngayakeunana barudak
ngora Désa Cikelét, diluluguan ku Iip.
“Harita
mah acarana ogé mung ukur kaulinan barudak sareng pésta kulinér. Saterasna
sabada dialihkeun ka leuwi Cikelét, acarana ditambihan ku melak burayak di
sapanjang leuwi walungan Cipasarangan. Bibit anu dipelakeunana nyaéta lauk
emas. Tapi ari acara melak burayak mah dipilampahna sababaraha bulan sateuacan
acara puncak,” cék Iip deui.
Salian
ti melak burayak, acara puncak Féstival Cipasarangan téh dieuyeuban ongkoh ku
pinton seni terebangan jeung lomba keur barudak. Tapi ari anu pangistiméwana
mah nyaéta acara ngubek leuwi, anu geus lumangsung dua kali jeung féstival taun
ayeuna. Ngubek leuwi téh nyaéta ngala lauk di leuwi. Saméméh der, lauk emas,
nila, jeung lélé anu lobana aya kana tilu kintalna diburusutkeun ka jero leuwi.
Geus kitu der ngubek leuwi téh dimimitian. Kolot budak bras-brus alancrub. Tapi
aya saratna: teu meunang mawa kecrik atawa lamit, alias néwak laukna kudu
digogoan. Puguh baé ramé. Halokhak nu surak pasawur jeung tingkecebesna sora
cai.
Cék
Iip, kamonésan Féstival Cipasarangan téh dina enas-enasna mah pikeun ngajak ka
sakumna warga supaya miara walungan. Nu dipiharep timbul kasadar masarakat kana
pentingna walungan. “Contona baé teu miceun runtah ka walungan, atawa ngala
lauk nganggo portas,” cénah. Salian ti Féstival Cipasarangan, Iip ogé jeung
sawatara barudak ngora Désa Cikelét ngayakeun acara ngeuseup babarengan di
leuwi bulan Juni kamari. Tapi ieu gé sarua aya saratna. “Anu badé ngiringan kedah
melakeun heula burayak minimal salapan siki. Melakna sasih Maret, tilu sasih sateuacan
nguseup dimimitian,” témbal Iip. Anu dipelakeunana nya burayak lauk emas wé.
Cék
salah saurang warga anu remen ancrub ka leuwi, cénah di leuwi Cikelétna
sorangan habitat lauk asli walungan téh, kayaning ménga, géléng, lubang, jeung
kana, geus arang kapanggih. “Ari disebat tumpur pisan mah henteu. Margi unggal
tanggal 25 pananggalan hijriyah, mangsana poék bulan, burayak lauk walungan anu
malegar di muhara téh naraék ka luhur,” pokna nerangkeun. Jadi, cénah, lauk
walungan di Cipasarangan mah ana ngarendog téh di leuwi. Tuluy endogna kabawa
palid ka hilir. Lebah geus malegar, tuluy wé burayakna naraék deui. Nu matak di
Cikelét mah aya tradisi nyalawéna, nyaéta ngala burayak lauk walungan anu naraék
ka luhur mangsana tanggal salawé. Ngalana maké waring, biasana bada magrib.
Lamun keur ceuyah mah cénah bisa nepi ka meunang tilu kilo éta téh.
“Tapi
sim kuring sorangan sareng sawatara urang dieu hoyong ngalirénan heula karep
masarakat ngayakeun nyalawéna. Nu dipalar sangkan binih lauk téh ngagedéan
heula, ulah diala leutik-leutik,” omong Iip tatag.
Tapi
naha geuning bet diasupan nila jeung lélé? Apan éta mah kasohor jahat kana
binih lauk séjén?
“Katawisna
mah moal matak ngareksak kana habitat asli lauk walungan. Da nila sareng lélé
mah digebruskeun téh teras langsung diala harita kénéh. Katambih deuih da ari
usum nyalawéna mah burayak lauk walungan téh angger wé geuning aya kénéh,
naraék ka luhur. Malah di leuwi Tarikolot mah seueur kénéh lauk walungan téh,
teu cara di leuwi Cikelét,” témbalna bari diheuheuan ku nu séjén.
Caah Déngdéng
Karep Iip ngajak ngarumat walungan ka
masarakat téh gegedéna mah kajurung ku kajadian caah déngdéng taun 2011. Geus
aya kana dua kalina cénah kajadian caah déngdéng tumiba ka lemburna téh. Tapi
anu taun 2011 mah kaitung rongkah. Teu hujan teu dor-dar gelap, ujug-ujug cai téh
ngagulidag tarik pisan. Mangkaning harita téh wayah peuting. Untungna euweuh
korban jiwa. Ngan imah anu kaséréd caah aya tiluna. Horéng simana horéng, hujan
gedéna mah di wewengkon Gunung Kasur, anu geus bulistir balas ditaluaran
tatangkalanana.
Harita
gé walungan Cipasarangan téh keur orot pisan. Padahal normalna walungan mah
apan najan usum halodo gé caina kudu angger. Basa dijugjug ka lebah muharana di
basisir Gunung Geder, cai anu palid ka sagara téh ukur sagedé pigeulang.
“Upami
tos ruksak mah nu rugi apan masarakat-masarakat kénéh. Komo deui da basisir Garut
kidul téh ayeuna mah mimiti naék pamorna minangka daérah wisata. Atuh lapur
panginten lamun alamna teu dirumat mah, moal didarongdon ku batur.”
Omongan
Iip mémang kaharti. Buktina baé harita ogé sapanjang jalan ti Pameungpeuk nepi
ka Gunung Geder téh teu sirikna macét ku nu rék pelesir. Lebah inténsitas macétna
alah batan dayeuh Bandung usum weekend.
Da éta wé nepi ka manjang aya kana sapuluh kilona. Pahibut dibarung ku riceuw.
Bubuhan salian ti aksés jalan anu ngan ukur hiji, euweuh pulisi deuih lebah
dinya téh.*** (Lugiena De)
0 Komentar:
Posting Komentar
Berlangganan Posting Komentar [Atom]
<< Beranda